About Me

header ads

CARPON "DURIAT SORA HATE"


“teett…teett…teett…!!” sora bel sakola nu denger kadengena nepi ka pojok-pojok sakolaan, yen nandakeun waktos istirahat, sing panciweuh barudak sakola anu kalaluar ti kelas-kelasna paheula-heula harayang geura ka kantin, pikeun milih jajanan anu dipikaresep, ka asup simkuring anu kelas 3 SMP embung kapiheulaan, lantaran teu jarang kuring sok kabeakeun jajanan anu dipikaresep nyeta bala-bala jeung gehu jieunan bi Apong anu ngeunah kacida.
 “halim ka bi apong ah, jajanannya urang teu boga duit” ceuk babaturan kuring nu ngarana Asep bari nepak tonggong ti tukang, “maneh mah urang wae dek nganjuk, sarua teu boga duit” ceuk kuring bari ngerungkeun taar. teu kungsi lila kuring keur lempang babarengan jeung Asep di lorong sakola dek ka kantin aya nu gegeroan “hey A Asep antosan Imas, Imas ngiring…..” keur mah sorana denger, tarik deuih, ngareuwaskeun saha bae nu d jalan, kuring ge ngarasa era eta ku kalakuan awewe eweuh ka era gogorowokan di jalan anu loba jelema. Awewe eta teh Imas kelas 2 kabogohna Asep.
Dikantin, teu Asep teu kabogohna riweuh nyokotan jajanan, “lim urang mah moal nganjuk, geus di jajanan ku si Imas” ceuk si asep bari agul tur ngaleng  Imas, puguh we teu ngenah kumaha Asep mah da bobogohanna jeung budak bi Apong nyeta imas tea. “kieu tah lim ngenahna boga kabogoh mah, mun keur teu boga duit,sok aya nu ngajajanan, maneh geura boga kabogoh atuh lim” ceuk Asep nambahan agul na bari moyok caritana mah. “heug sep kumaha maneh, dek neangan kabogoh urg ge” ceuk kuring bari nyentak,  “aya kitu nu bogoheun ka maneh lim hehehe” jawab Asep bari ngabalakatak seuri jiga nu ngeunah.
Kuring ge sabenerna mah boga rasa bogoh ka hiji awewe kelas 2 babaturan Imas ngarana Teni, mung kuring teu wani, nyarita ka babaturan akrab jiga ka Asep wae teu wani, da era. Jeung babaturan awewe sakelas wae kuring mah teu pati akrab da eraan tea, komo ieu mun ngbrol jeung Teni pahareu-hareup, mun keur lempang ge heug pasangrok di jalan jeung Teni, sok ngadadak salah tingkah, babalieuran tunja tenjo kamana, bari bijil kesang tiis tina taar.
Keur ngeunahna kuring ngopi bala-bala sembari ngalamun, Imas joljol nyarita “a Halim aya nu titip salam” , ngadangu Imas nyarita kitu kuring reuwas tur nanya deui “saha kitu neng imas?” bari nembongkeun raray nu panasaran tea, Imas ngawaler “itu neng Teni a naroskeun aa wae resep cenah”, ngadangu waleran imas kitu, kuring ngadadak reuwas tur bingah kacida, teu nyangki istri anu ku kuring di pikaresep nu sok ditenjoan ti kajauhan, merhatikeun oge ka kuring, sakapeung bingung kuring kudu kumaha?
Masing apal oge yen neng teni teh gaduh rasa ka kuring, tapi angger kuring teu wantun ngadeukeutan, pendak dijalan ge mung pataros biasa teu nepi ka ngobrol lila, nulis surat ge teu bisa, maklum da hp can usum, disakolaan ge bisa kaitung keneh nu boga hp th. kuring era keneh, sok nanya sorangan, kumaha mun kuring jadi bobogohan jeung neng Teni, kuring pasti jadi guyonan barudak. Nepi ka lulusna kuring masih keneh teu wani ngadeukeutan neng Teni,  komo pas kuring asup SMA lebeng teu apal kabarna eta neng Teni salami 3 tahun th. Hawar-hawar mah neng Teni teh neraskn ka pasantren di singaparna, biheung inget keneh anjeuna ge ka kuring.
Dina hiji waktu, kuring geus lulus SMA. Kuring narima uleman nikahan ti rrencangan SMP, eta nikahan di lembur anu sarua lemburna sareng Teni. Teu nyangki sareng teu kaemutan bakal tepang deui sareng  Teni, anjeunna aya dina nikahan janten pager ayu, ngangge kabaya warna hejo, meni endah katenjona, anjeunna calik dina bagean anu nampian tamu caket lawang pangajegna panganten. Kusabab ayeuna mh kuring sareng anjeuna tos pada-pada dewasa, henteu eraan deui kuring wani nanya. “eh neng Teni aya didieu gening, kumaha damang?”, “Alhamdulillah damang a, samulihna aa kumaha?” waler neng Teni sembari inyen ku parasna anu geulis. Kuring ngarasa bingah didinya, teu parameung ngobrol sareng anjeunna ge, dugi ka kuring nyuhungkeun no hp na, supados engke ku kuring tiasa di telepon atanapi disms.
Teu kungsi lila saprek patepangna sareng neng Teni, kuring beuki akrab, osok smsan, saling pataros kabar, beuki lila kuring wawuh jeung anjeunna, kuring nganiatan hayang jadi kabogohna, ngawujudkeun kahayang kuring nu baheula 5 tahun katukang, kusabab masih keneh aya rasa bogoh ka anjeunna,.
Dina hiji waktu kuring ngungkapkeun rasa bogoh ieu ka neng Teni “neng aa th resep ka neng ti SMP, neng kersa jadi kabogoh aa?”, meni lami neng teni ngawalerna, jiga anu mikir, tapi akhirna ngawaler “muhun a da sami neng ge resep ka a ti kapungkur ge, neng kersa”. Percanten teu percanten ngadangu waleran neng Teni, rarasaan teh ngimpi tur bingah kacida. Akhirna kuring jadi kabogoh anjeunna, nepi ka katelah sora HATE (Halim Teni).
Opat bulan ngalakonan hubungan sareng neng Teni, keur meujeuhna papada nyaah, kuring jeung neng Teni bakal langki pendak kusabab anjeunna bade neraskeun kuliah ka jogjkarta, kuring ridho jadi jauh ti anjeunna. Salila dua bulan di jogja, neng Teni jadi beda paripolah na, tiap kuring ngahubungi teu aya waleran, tidinya hate teh asa teu paruguh. Kuring tatanya ka babaturan deukeut na nyeta ka Imas tea nu baheula kabogoh Asep. “neng Imas aya kabar ti neng Teni?” Tanya kuring ka Imas, “naha aa teu terang kitu pan neng Teni teh bade nikah saurna mah di jodokeun” waler Imas. “wah wadul ah neng mah.. di jodokeun kasaha neng?”, tanya kuring deui bari reuwas. “eta ka a indra anu gaduh matrial ditonggoh, anu bumi na ageung gening a” waler Imas. Saprek tidinya kuring percaya teu percaya deui, asa ngimpi, kabogoh kuring anu kamari-kamari bageur, bakal jeung batur. Teu jelas kusabab eweuh caritaan langsung ti anjeunna.
Tina kajadian eta kuring nyokot pangajaran tur hikmahna, yen masing urang bobogohan lila ge ari lain jodona mah moal jadi nu dipikahyang ku urang. Tapi bakal menangkeun leuwih anu di rencanakeun ku Gusti Allah, kadang kuring sok mikir caritaan nu ti si Abah nyeta “lalaki mah ulah sieun kabeakeun awewe, mun urang geus mapan tur siap, tinggal milih awewe mah, sing soson-soson heula nyiar pangabisa pikeun sukses ka hareupna”. Kusabab Abah ninggali kajadian tatangga kuring nu dilembur mang asum ngarana, anjeunna teh guru SMA anu tos teu ngora deui tapi menangkeun pamajikan anu ngora nyeta muridna.


Post a Comment

0 Comments