A. Dongéng
Dongéng téh ngaran salasahiji golongan
carita, dina wangun prosa (lancaran). Dongéng nyaéta carita rékaan anu méré
kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge dongéng anu kesan
pamohalanna teh teu karasa, nyaeta dongéng-dongéng anu nyaritakeun kahirupan
sapopoé. Dongeng kaasup kana carita balarea (folktale) sarta geus jadi milik
rahayat.
Dongéng dina sastra Sunda loba anu geus
kahot umurna, jeung teu kapaluruh iraha jeung saha anu ngarangna (anonim).
Sumebarna sacara lisan, tatalepa ti hiji jalma anu lian, tepi ka mangsa kiwari.
Tapi sanggeus aya téknologi percitakan ngambah kasusastraan teu saeutik
dongéng-dongéng anu medal téh utamana mah pikeun ngarojong dunya atikan,
hususna atikan budi.
Ciri-ciri
umum anu aya dina dongéng nyaéta :
1. Caritana
basajan jeung biasana pondok. Nya kitu deui basa nu digunakeun oge sok basajan,
alesanana mah kusabab dina dongeng mah umumna dengekeuneun barudak, anu tangtu
wae kamampuh ngagunakeun basana masih kénéh kawatesanan.
2. Ngandung
ajen atikan. Ajén atikan nu ditepikeun dina dongéng mah
utamana atikan kaluhuran budi. Cindekna kajadian anu ditepikeun dina dongéng
téh mangrupa pieunteungeun. Upamana wae jalma bener tangtu meunang pahala,
jalma salah tangtu bakal meunang siksa atawa cilaka; supaya maksudna timekanan kudu
ngagunakeun akal: atawa kudu sauyunan ambeh repeh-rapih.
3. Ragem
atawa konvensi nyaeta pola dina dongeng dianggap geus maneuh, henteu
robah-robah. Contona dina Dongeng Kuya jeung Monyet Ngala Cabe polana anggeur
kieu: (a) monyet ngajak ngala cabe ka kuya di kebon patani; (b) waktu keur
ngala cabena kapanggih patani, monyet bisaeun kabur, ari kuya katewak ; (c) ku
akal jeung tarekahna kuya, ahirna monyet bisa kaolo daekkeun dikurungan; (d)
kuya teu tulus dipeuncit; (e) sanggeus nyahoeun yen rek dipeuncit monyet
papaehan tepi ka ahirna dipiceun ku patani, jeung (f) monyet kabur ka leuweung.
4. Rineka
atawa improvisasi nyaeta robah-robahna wanda dongeng, najan ari polana mah
angger. Robahna dongéng nu ditepikeun téh gumantung kana suasana jeung
kamampuan jalma anu ngadongéngkeunana. Kusabab dongéng téh umumna ditepikeun
sacara lisan, atuh dina prakna ngadongéng téh tangtu waé moal sagemblengna
angger. Ku ayana improvisasi téh timbul dongeng sababaraha versi. Contona wae
Dongeng Kuya jeung Monyet Ngala Cabe teh leuwih ti saversi, najan
ari polana mah angger sakumaha nu tadi geus ditétélakeun.
Nilik kana eusi carita anu
dilalakonkeunana, dongeng téh bisa diklasipikasikeun jadi sababaraha rupa,
diantarana:
1. Dongéng
fabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah sasatoan nu barisa
ngomong kawas manusa jeung barogaeun akal.
2. Dongéng
mite, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma sakti, jaya, jeung gedé
wawanen anu béda jeung manusa biasa. Aya kalana kasaktian palakuna téh dirojong
ku hal-hal gaib (supranatural). Contona : Nyi Rambut Kasih, Nyi Dewi Sri, Nyi
Roro Kidul, Sangkuriang, jste.
3. Dongéng
sasakala (legénda), nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal hiji
tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, atawa kajadian penting anu teu kaharti ku
akal. Contona : Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ
Bagendit, jste.
4. Dongéng
pamuk, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma nu boga kagagahan
tur ngandung unsur sajarah. Contona : Sunan Gunung Jati, Prabu Kean Santang,
jste.
5. Dongéng
farabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma anu mahiwal, teu lumrah
jeung batur. Naha sipatna teh pikalucueun, pikasebeleun, atawa pikangéwaeun
batur. Contona : Si Kabayan, Abu Nawas, jste.
Unsur carita anu aya dina dongéng téh
rupa-rupa, ngawengku :
1. Téma
carita. Téma nyaéta jejer atawa ide carita anu dicaritakeun. Téma téh rupa-rupa
pisan, aya téma carita saperti moral, kamasarakatan, kaagamaan, kasajarahan,
tatakrama, jste.
2. Tokoh
atawa palaku carita nyaéta para palaku anu ngalalakon dina carita, bisa palaku
jalma atawa palaku lain jalma. Aya dua rupa tokoh carita, nyaéta palaku utama
jeung palaku tambahan.
3. Plot
atawa galur carita. Carita disusun dina galur atawa plot (alur) nu tangtu. Jaba
ti galur carita aya istilah jalan carita. Aya bédana antara galur carita jeung
jalan carita. Galur carita leuwih nyoko kana sabab-sabab timbulna hiji
kajadian, ari jalan carita mah nyoko kana runtuyan kajadianana. Mémang galur
téh ayana dina jalan carita. Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaéta :
a. Galur
marélé nyéta galur carita anu nyuguhkeun caritana marélé atawa ngaruntuykeun.
Eusi caritana diparélékeun sacarita-sacarita, salalakon-salalakon,
saépisode-saépisode. Lalakon biasana diheuleut-heuleut atawa ditunda heula,
tuluy engke disampeur deui, dituluykeun.
b. Galur
maju nyaéta galur carita anu ngagambarkeun lalampahan tokoh ti awal nepi ka
ahir kalawan ngaruntuy (kronologis).
c. Galur
mundur nyaéta galur carita anu dimimitian tina tungtung carita atawa épisode
pamungkas heula. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun
atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun tea.
d. Galur
bobok tengah nyaéta galur carita anu langsung kana tengah-tengah carita. Carita
henteu maké bubuka atawa manggalasastra, tara ngawanohkeun heula nu ngalalakon.
Anu maca ujug-ujug dibawa kana tengah-tengah carita. Sakapeung mah lalakon téh
asa teu anggeus. Nutupkeun carita kudu dikira-kira ku nu maca.
4. Latar
Carita
Waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna
kajadian carita disebutna
latar carita (setting). Waktu kajadian nu aya dina dongéng
nyaéta jaman bihar atawa jaman baheula. Sabab umumna waktu kajadian dina
dongéng mah ngagambarkeun kahirupan jaman baheula. Tempat kajadian nu aya dina
dongéng biasana sok di Kahyangan, di Karaton, di Kaputren, di leuweung, jste.
5. Amanat
Carita
Amanat carita nyaeta pesan anu hayang
ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadengekeun carita.
0 Comments