About Me

header ads

DONGENG



A.    Dongéng
Dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Dongéng nyaéta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge dongéng anu kesan pamohalanna teh teu karasa, nyaeta dongéng-dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé. Dongeng kaasup kana carita balarea (folktale) sarta geus jadi milik rahayat.
Dongéng dina sastra Sunda loba anu geus kahot umurna, jeung teu kapaluruh iraha jeung saha anu ngarangna (anonim). Sumebarna sacara lisan, tatalepa ti hiji jalma anu lian, tepi ka mangsa kiwari. Tapi sanggeus aya téknologi percitakan ngambah kasusastraan teu saeutik dongéng-dongéng anu medal téh utamana mah pikeun ngarojong dunya atikan, hususna atikan budi.
Ciri-ciri umum anu aya dina dongéng nyaéta :
1.      Caritana basajan jeung biasana pondok. Nya kitu deui basa nu digunakeun oge sok basajan, alesanana mah kusabab dina dongeng mah umumna dengekeuneun barudak, anu tangtu wae kamampuh ngagunakeun basana masih kénéh kawatesanan.
2.      Ngandung ajen atikan. Ajén  atikan nu ditepikeun dina dongéng  mah utamana atikan kaluhuran budi. Cindekna kajadian anu ditepikeun dina dongéng téh mangrupa pieunteungeun. Upamana wae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksa atawa cilaka; supaya maksudna timekanan kudu ngagunakeun akal: atawa kudu sauyunan ambeh repeh-rapih.
3.      Ragem atawa konvensi nyaeta pola dina dongeng dianggap geus maneuh, henteu robah-robah. Contona dina Dongeng Kuya jeung Monyet Ngala Cabe polana anggeur kieu: (a) monyet ngajak ngala cabe ka kuya di kebon patani; (b) waktu keur ngala cabena kapanggih patani, monyet bisaeun kabur, ari kuya katewak ; (c) ku akal jeung tarekahna kuya, ahirna monyet bisa kaolo daekkeun dikurungan; (d) kuya teu tulus dipeuncit; (e) sanggeus nyahoeun yen rek dipeuncit monyet papaehan tepi ka ahirna dipiceun ku patani, jeung (f) monyet kabur ka leuweung.
4.      Rineka atawa improvisasi nyaeta robah-robahna wanda dongeng, najan ari polana mah angger. Robahna dongéng nu ditepikeun téh gumantung kana suasana jeung kamampuan jalma anu ngadongéngkeunana. Kusabab dongéng téh umumna ditepikeun sacara lisan, atuh dina prakna ngadongéng téh tangtu waé moal sagemblengna angger. Ku ayana improvisasi téh timbul dongeng sababaraha versi. Contona wae Dongeng  Kuya jeung Monyet Ngala Cabe teh leuwih ti saversi, najan ari polana mah angger sakumaha nu tadi geus ditétélakeun.
Nilik kana eusi carita anu dilalakonkeunana, dongeng téh bisa diklasipikasikeun jadi sababaraha rupa, diantarana:
1.      Dongéng fabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah sasatoan nu barisa ngomong kawas manusa jeung barogaeun akal.
2.      Dongéng mite, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma sakti, jaya, jeung gedé wawanen anu béda jeung manusa biasa. Aya kalana kasaktian palakuna téh dirojong ku hal-hal gaib (supranatural). Contona : Nyi Rambut Kasih, Nyi Dewi Sri, Nyi Roro Kidul, Sangkuriang, jste.
3.      Dongéng sasakala (legénda), nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal hiji tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, atawa kajadian penting anu teu kaharti ku akal. Contona : Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit,  jste.
4.      Dongéng pamuk, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma nu boga kagagahan tur ngandung unsur sajarah. Contona : Sunan Gunung Jati, Prabu Kean Santang, jste.
5.      Dongéng farabél, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma anu mahiwal, teu lumrah jeung batur. Naha sipatna teh pikalucueun, pikasebeleun, atawa pikangéwaeun batur. Contona : Si Kabayan, Abu Nawas, jste.
Unsur carita anu aya dina dongéng téh rupa-rupa, ngawengku :
1.      Téma carita. Téma nyaéta jejer atawa ide carita anu dicaritakeun. Téma téh rupa-rupa pisan, aya téma carita saperti moral, kamasarakatan, kaagamaan, kasajarahan, tatakrama, jste.
2.      Tokoh atawa palaku carita nyaéta para palaku anu ngalalakon dina carita, bisa palaku jalma atawa palaku lain jalma. Aya dua rupa tokoh carita, nyaéta palaku utama jeung palaku tambahan.
3.      Plot atawa galur carita. Carita disusun dina galur atawa plot (alur) nu tangtu. Jaba ti galur carita aya istilah jalan carita. Aya bédana antara galur carita jeung jalan carita. Galur carita leuwih nyoko kana sabab-sabab timbulna hiji kajadian, ari jalan carita mah nyoko kana runtuyan kajadianana. Mémang galur téh ayana dina jalan carita. Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaéta :
a.       Galur marélé nyéta galur carita anu nyuguhkeun caritana marélé atawa ngaruntuykeun. Eusi caritana diparélékeun sacarita-sacarita, salalakon-salalakon, saépisode-saépisode. Lalakon biasana diheuleut-heuleut atawa ditunda heula, tuluy engke disampeur deui, dituluykeun.
b.      Galur maju nyaéta galur carita anu ngagambarkeun lalampahan tokoh ti awal nepi ka ahir kalawan ngaruntuy (kronologis).
c.       Galur mundur nyaéta galur carita anu dimimitian tina tungtung carita atawa épisode pamungkas heula. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun tea.
d.      Galur bobok tengah nyaéta galur carita anu langsung kana tengah-tengah carita. Carita henteu maké bubuka atawa manggalasastra, tara ngawanohkeun heula nu ngalalakon. Anu maca ujug-ujug dibawa kana tengah-tengah carita. Sakapeung mah lalakon téh asa teu anggeus. Nutupkeun carita kudu dikira-kira ku nu maca.
4.      Latar Carita
Waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna kajadian carita  disebutna
latar carita (setting). Waktu kajadian nu aya dina dongéng nyaéta jaman bihar atawa jaman baheula. Sabab umumna waktu kajadian dina dongéng mah ngagambarkeun kahirupan jaman baheula. Tempat kajadian nu aya dina dongéng biasana sok di Kahyangan, di Karaton, di Kaputren, di leuweung, jste.
5.      Amanat Carita
Amanat carita nyaeta pesan anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadengekeun carita.

Post a Comment

0 Comments