“teett…teett…teett…!!” sora bel
sakola nu denger kadengena nepi ka pojok-pojok sakolaan, yen nandakeun waktos
istirahat, sing panciweuh barudak sakola anu kalaluar ti kelas-kelasna
paheula-heula harayang geura ka kantin, pikeun milih jajanan anu dipikaresep,
ka asup simkuring anu kelas 3 SMP embung kapiheulaan, lantaran teu jarang
kuring sok kabeakeun jajanan anu dipikaresep nyeta bala-bala jeung gehu jieunan
bi Apong anu ngeunah kacida.
“halim ka bi apong ah, jajanannya urang teu
boga duit” ceuk babaturan kuring nu ngarana Asep bari nepak tonggong ti tukang,
“maneh mah urang wae dek nganjuk, sarua teu boga duit” ceuk kuring bari ngerungkeun
taar. teu kungsi lila kuring keur lempang babarengan jeung Asep di lorong
sakola dek ka kantin aya nu gegeroan “hey A Asep antosan Imas, Imas ngiring…..”
keur mah sorana denger, tarik deuih, ngareuwaskeun saha bae nu d jalan, kuring
ge ngarasa era eta ku kalakuan awewe eweuh ka era gogorowokan di jalan anu loba
jelema. Awewe eta teh Imas kelas 2 kabogohna Asep.
Dikantin, teu Asep teu kabogohna
riweuh nyokotan jajanan, “lim urang mah moal nganjuk, geus di jajanan ku si
Imas” ceuk si asep bari agul tur ngaleng Imas, puguh we teu ngenah kumaha Asep mah da
bobogohanna jeung budak bi Apong nyeta imas tea. “kieu tah lim ngenahna boga
kabogoh mah, mun keur teu boga duit,sok aya nu ngajajanan, maneh geura boga
kabogoh atuh lim” ceuk Asep nambahan agul na bari moyok caritana mah. “heug sep
kumaha maneh, dek neangan kabogoh urg ge” ceuk kuring bari nyentak, “aya kitu nu bogoheun ka maneh lim hehehe”
jawab Asep bari ngabalakatak seuri jiga nu ngeunah.
Kuring ge sabenerna mah boga rasa
bogoh ka hiji awewe kelas 2 babaturan Imas ngarana Teni, mung kuring teu wani,
nyarita ka babaturan akrab jiga ka Asep wae teu wani, da era. Jeung babaturan
awewe sakelas wae kuring mah teu pati akrab da eraan tea, komo ieu mun ngbrol
jeung Teni pahareu-hareup, mun keur lempang ge heug pasangrok di jalan jeung
Teni, sok ngadadak salah tingkah, babalieuran tunja tenjo kamana, bari bijil kesang
tiis tina taar.
Keur ngeunahna kuring ngopi
bala-bala sembari ngalamun, Imas joljol nyarita “a Halim aya nu titip salam” ,
ngadangu Imas nyarita kitu kuring reuwas tur nanya deui “saha kitu neng imas?”
bari nembongkeun raray nu panasaran tea, Imas ngawaler “itu neng Teni a
naroskeun aa wae resep cenah”, ngadangu waleran imas kitu, kuring ngadadak reuwas
tur bingah kacida, teu nyangki istri anu ku kuring di pikaresep nu sok ditenjoan
ti kajauhan, merhatikeun oge ka kuring, sakapeung bingung kuring kudu kumaha?
Masing apal oge yen neng teni teh
gaduh rasa ka kuring, tapi angger kuring teu wantun ngadeukeutan, pendak
dijalan ge mung pataros biasa teu nepi ka ngobrol lila, nulis surat ge teu
bisa, maklum da hp can usum, disakolaan ge bisa kaitung keneh nu boga hp th. kuring
era keneh, sok nanya sorangan, kumaha mun kuring jadi bobogohan jeung neng
Teni, kuring pasti jadi guyonan barudak. Nepi ka lulusna kuring masih keneh teu
wani ngadeukeutan neng Teni, komo pas
kuring asup SMA lebeng teu apal kabarna eta neng Teni salami 3 tahun th. Hawar-hawar
mah neng Teni teh neraskn ka pasantren di singaparna, biheung inget keneh anjeuna
ge ka kuring.
Dina hiji waktu, kuring geus
lulus SMA. Kuring narima uleman nikahan ti rrencangan SMP, eta nikahan di
lembur anu sarua lemburna sareng Teni. Teu nyangki sareng teu kaemutan bakal
tepang deui sareng Teni, anjeunna aya
dina nikahan janten pager ayu, ngangge kabaya warna hejo, meni endah katenjona,
anjeunna calik dina bagean anu nampian tamu caket lawang pangajegna panganten. Kusabab
ayeuna mh kuring sareng anjeuna tos pada-pada dewasa, henteu eraan deui kuring
wani nanya. “eh neng Teni aya didieu gening, kumaha damang?”, “Alhamdulillah
damang a, samulihna aa kumaha?” waler neng Teni sembari inyen ku parasna anu
geulis. Kuring ngarasa bingah didinya, teu parameung ngobrol sareng anjeunna
ge, dugi ka kuring nyuhungkeun no hp na, supados engke ku kuring tiasa di
telepon atanapi disms.
Teu kungsi lila saprek patepangna
sareng neng Teni, kuring beuki akrab, osok smsan, saling pataros kabar, beuki
lila kuring wawuh jeung anjeunna, kuring nganiatan hayang jadi kabogohna,
ngawujudkeun kahayang kuring nu baheula 5 tahun katukang, kusabab masih keneh
aya rasa bogoh ka anjeunna,.
Dina hiji waktu kuring
ngungkapkeun rasa bogoh ieu ka neng Teni “neng aa th resep ka neng ti SMP, neng
kersa jadi kabogoh aa?”, meni lami neng teni ngawalerna, jiga anu mikir, tapi akhirna
ngawaler “muhun a da sami neng ge resep ka a ti kapungkur ge, neng kersa”. Percanten
teu percanten ngadangu waleran neng Teni, rarasaan teh ngimpi tur bingah
kacida. Akhirna kuring jadi kabogoh anjeunna, nepi ka katelah sora HATE (Halim
Teni).
Opat bulan ngalakonan hubungan
sareng neng Teni, keur meujeuhna papada nyaah, kuring jeung neng Teni bakal
langki pendak kusabab anjeunna bade neraskeun kuliah ka jogjkarta, kuring ridho
jadi jauh ti anjeunna. Salila dua bulan di jogja, neng Teni jadi beda paripolah
na, tiap kuring ngahubungi teu aya waleran, tidinya hate teh asa teu paruguh. Kuring
tatanya ka babaturan deukeut na nyeta ka Imas tea nu baheula kabogoh Asep. “neng
Imas aya kabar ti neng Teni?” Tanya kuring ka Imas, “naha aa teu terang kitu pan
neng Teni teh bade nikah saurna mah di jodokeun” waler Imas. “wah wadul ah neng
mah.. di jodokeun kasaha neng?”, tanya kuring deui bari reuwas. “eta ka a indra
anu gaduh matrial ditonggoh, anu bumi na ageung gening a” waler Imas. Saprek tidinya
kuring percaya teu percaya deui, asa ngimpi, kabogoh kuring anu kamari-kamari
bageur, bakal jeung batur. Teu jelas kusabab eweuh caritaan langsung ti
anjeunna.
Tina kajadian eta kuring nyokot
pangajaran tur hikmahna, yen masing urang bobogohan lila ge ari lain jodona mah
moal jadi nu dipikahyang ku urang. Tapi bakal menangkeun leuwih anu di
rencanakeun ku Gusti Allah, kadang kuring sok mikir caritaan nu ti si Abah
nyeta “lalaki mah ulah sieun kabeakeun awewe, mun urang geus mapan tur siap,
tinggal milih awewe mah, sing soson-soson heula nyiar pangabisa pikeun sukses
ka hareupna”. Kusabab Abah ninggali kajadian tatangga kuring nu dilembur mang
asum ngarana, anjeunna teh guru SMA anu tos teu ngora deui tapi menangkeun
pamajikan anu ngora nyeta muridna.
0 Comments