. Roman
Roman nyaéta karangan prosa anu
ngagambarkeun paripolah palaku anu sesuai jeung watak jeung eusi jiwa
masing-masing. Di wangun sastra, roman dikenal jadi salah sahiji prosa rékaan
anu pang panjangna (jeung kandel). Kusabab panjang, gambaran palaku, watak
jeung paripolah palaku, kajadian, tempat, jeung waktu kajadianna téh jéntre
pisan, jeung ngaruntuy. Aya ogé nu ngartikeun yén roman téh nyaritakeun
palakuna ti mimiti lahir nepikeun ka pupusna. Bahasa nu digunakeun pinuh ku
gaya basa.
Loba roman anu sabenerna bisa dicaritakeun
saderhana tur pondok, tapi teuteup wae loba nu milih wangun nu panjang. Roman
anu siga kitu lain roman anu bener. Roman anu bener lain sekedar prosa
rekaan anu panjang. Roman anu bener nyaeta roman anu bener-bener lengkeup
(kompleks) jeung ngabahas masalahna sacara jelas jeung ngaruntuy pisan, kudu
bener-bener ditulis panjang-lebar.
1.
Roman berangsur
(bersambung) nyaeta roman anu caritana saepisode-episode.
2.
Roman
detektif nyaeta carita roman anu nyaritakeun lalampahan detektif.
3.
Roman
picisan (kodian) nyaeta roman anu kurang miboga nilai sastra kusabab eusi
caritana ngan nyaritakeun masalah percintaan atawa nyaritakeun kajadian anu
kurang ngadidik.
4.
Roman
masarakat nyaeta carita roman anu ngagambarkeun kahirupan di masarakat.
5.
Roman
sajarah nyaeta carita roman anu disusun berdasarkan kajadian
sajarah.
0 Comments